Kamis, 18 April 2024
Perguruan Tinggi

GAPURA NU SAJATI

GAPURA NU SAJATI

3 SAJAK DIDI SUPRIADI, S.PD.I

GAPURA NU SAJATI

Sampurasun sewu paralun maklum anu kasahun
Mundu jabung tumalapung ngawitan mitutur
Lumampah cumarita seja bubuka wakca balaka
Sanajan lain pujangga ahli ngareka basa na carita

Sora kacapai anu jadi saksi pasini dua ati
Kiwari urang seja ngahijikeun diri sayakti
Jangji pasini kersaning gusti nu ngabukti
Dua insan patali ngajadi dina gapura sajati

Tangkal ngagupay jiga sungkan paanggang
Sasangkaan urang nu bakal midang datang
Jangkar sawangan pangharepan nembongan
Nyawang mangsa nu ngalangkang tacan kasorang

SANGKURIANG KABEURANGAN

Dapur haur na luhur gunung nu jadi saur
Ragragna kecap baheula anu teu ka ukur
Kembang cinta ragrag ka lemah jadi mamala
Raga jeung sukmana anu matak jadi sasakala

Satria tandang pertentang ngaku ti pasundan
Kasaktian anu jadi iberan jeung kasombongan
Sasakala baheula jadi ragragna basa katangtuan
Jangkar siloka tangkuban parahu panineungan

Candradimuka sangka rarangka baheula
Kurusetra bantar nagara dina danau purba
Batarakala teu nyangka mangsa datangna
Linggar kembang katresna jatnika lugina

BUBUARA KUMALENDANG

Timimiti gubrak ka dunya kumelendang
Mikir lampah nu bakal kasorang datang
Jiga nu ngagupayan ngulang-ngulang
Sangkan raga urang jadi patandang

Diri nu jadi ciri hirup nu ngagalandang
Sangkan bisa mulang mawa ka meunang
Jangkar sangka anu jadi pamuntangan
Hirup sok inggis ku rempan jeung melang

Tapi hate tetep ka nu pasti sarta hiji
Jadi pamuntangan siang jeung wengi
Sangkan hirup jadi pasini jeung diri nu pasti
Ku lantaran hirup acan pasti jiga kamari

Didi Supriadi S. Pd.I, Kelahiran Majalengka, 15 November 1981. Staf Internasional Office UIN Sunan Gunung Djati Bandung